Saturday, October 8

Sagara Kadeudeuh

Clak...keclak...caina nyakclak
Herang ngagenyas ngawawaas
Kalangkang kuring katembong jelas
Ruak riak na balong kadeudeuh
Sakeclak...dua keclak...
Mangtaun jadi hujan.
Nguyumbang jadi sagara
Malidkeun rakit kabagja
Kanyaah anjeun nyakclak
Maseuhan hate nu
Hanaang ku kadeudeuh.
Kereket...panto hate muka
Ngagugupay mung ka
salira.
Ulah ingkah, ulah pindah
Banjiran kuring ku
kanyaah
Duaan kokojayan na sagara
salamina.



*Kangge apana barudak nu mikanyaah sareng dipikanyaah salamina.....*

No comments: