Friday, October 7

Haleuang Katineung


Haleuang kuring haleuang katineung
Diiring kacapi suling
Halimpu nyereset jeroning kalbu

Haleuang kuring haleuang katineung
Sorana ngagalindeng
Tibelat ka padumukan
Nu tos lami dikantun

Haleuang kuring haleuang katineung
Tanah sunda nu diteda
Mung aya jeroning dada
Babaku tebih di pangumbara

Haleuang kuring haleuang katineung
Lemah cai lohjinawi
Kokolebatan dina impenan



Bkt Panjang,
15 Juli 05
Anu nuju tibelat ku tanah sunda

No comments: